RIRIBUTAN jaman presid�n Soeharto geus r�k nincak 10 taun. Harita, Indon�sia sasatna geunjleung ku rupa-rupa kajadian. Puseur dayeuh kahuruan. Mahasiswa demontrasi. Toko jeung sawatara wawangunan diranjah terus diduruk. Geus kitu Soeharto ng�cagkeun kalungguhanana.

Kajadian nu matak ketir t�h bisa jadi karasa k�n�h ku nu ngalamanana mah. Unggal bulan M�i �ta kajadian sok dipi�ling. Gambaran kumaha gangasna oknum masarakat dit�mbongkeun deui. Bugang patulayah. Nagara ngadadak geunjleung.

Rekaman kajadian mangsa awal r�volusi t�h milu mangaruhan kana karya sastra Sunda. Nu pangn�mbr�sna mah, nya dina nov�l Sand�kala beunang Godi Suwarna. Ieu nov�l kungsi dil�l�r Hadiah D.K. Ardiwinata jeung Hadiah Sastra Rancag� 2008.

Nu natrat dina �ta nov�l t�h tangtu lain sual cutatan kajadian jaman krisis �konomi jeung reformasi. Sand�kala jadi dokum�ntasi paripolah jelema. Digambarkeunana dina suasana satir, sakapeung sari-sari karikatural.

Sikep otorit�r pamar�ntah digambarkeun ngaliwatan tokoh camat jeung kuwu. Padahal, dina seuhseuhanana mah, ieu t�h kritik ka sakur pamingpin nu boga paripolah sakama-kama. Br�h w�h dedegan pamingpin nu mawa karep sorangan, bari dibungbuan ku tradisi nu geus jadi kulit jadi daging: korupsi jeung kolusi.

Urusan korupsi t�t�la henteu sirna ku datangna reformasi. Pasualan teu wel�h aktual tur jadi gunem catur ti mangsa-mangsa. Ti dinya bisa kagambar, najan ieu nov�l nyutat kaayaan taun 1998, tapi dina enas-enasna masih k�n�h aktual. Nya ti dinya pamianganana, pangna Wawan Sofyan saparakanca naratas pikeun nyieun adapatasi nov�l Sand�kala dina wangun t�ater.

T�ater Sand�kala baris dipintonkeun di Bandung jeung Jakarta. Nu ngagarapna, Wawan Sofyan, geus moal disaha-saha dina dunya t�ater mah. Dina sastra Sunda, m�m�hna Wawan kungsi nyieun monolog tina carpon �Oknum� karya Hadi AKS. Malah nepi ka dipintonkeun di Ustrali sagala rupa.

Di Bandung, t�ater Sand�kala baris dipintonkeun di G.K. Rumentang Siang, tanggal 23-24 M�i 2008. Geus kitu miang ka Jakarta, tempatna di Graha Bakti Budaya (DKJ), 8-9 Agustus 2008.

Pagelaran t�ater Sand�kala meunang pangrojong ti Indonesian Corruption Watch, Mainteater, Perkumpulan Seni Indonesia, jeung WALHI. Keur ngeuyeubanana, baris aya diskusi publik deuih, tempatna di Gedung Indon�sia Menggugat (Bandung) 22 M�i 2008, jeung di Galeri Cipta, TIM (Jakarta), dina bulan Juli 2008.***(Dan)


Sumber: http://cupumanik.com/manik/seratan/sandekala-dina-teater/
Axact

Axact

Vestibulum bibendum felis sit amet dolor auctor molestie. In dignissim eget nibh id dapibus. Fusce et suscipit orci. Aliquam sit amet urna lorem. Duis eu imperdiet nunc, non imperdiet libero.

Post A Comment:

0 comments: